Rabu, 09 Juli 2008

Aksara Sunda Baku mangrupakeun hasil ngamutahirkeun aksara Sunda Buhun (Kuna/Kuno) pikeun pamakéan kiwari. Kiwari, aksara Sunda Baku dipakéna dina:

  • Pangajaran basa Sunda di sakola-sakola
  • Baliho gedong-gedong pamaréntahan, paguron luhur jeung sakola.
  • Plang ngaran-ngaran jalan di kotamadya jeung kabupatén di Jawa Kulon

Aksara Sunda Kuna atawa Buhun kawitna kapendak tina seratan-seratan dina lontar-lontar jeung batu-batu prasasti di wilayah karajaan Sunda Kuna, nu digarap munggaran ku K.F. Holle taun 1867, diteraskeun ku C.M. Pleyte (1911, 1914), R. Ng. Poerbatharaka (1919-1912), jeung sajabana, dugi ka ahirna ku Saleh Danasasmita, Ayatrohaédi, Edi S. Ekadjati1, tur kiwari ku Undang. A. Darsa. Kiwari dipaké pikeun panalungtikan naskah kuna.

Dihandap ieu babandingan antawis aksara Sunda Baku sareng Sunda Kuna numutkeun makalah "Rancangan Pembakuan Aksara Sunda"2. Aksara Sunda Baku di handap ieu ditémbongkeun tina hasil cetak nganggo aksara PakuanLatin-1.1.ttf sedengkeun aksara Sunda Kuna mangrupa hasil scan tina makalah kasebat.

Aksara Ngalagena3

Aya huruf anyar dina aksara Sunda Baku pikeun nuliskeun sababaraha sora anyar.

Ngalagena

Aksara Swara (Vokal Mandiri)

Aksara Sunda Kuna henteu ngawengku huruf/sora 'eu'.

Vokal

Vokalisasi & Wirahma

Taya parobahan.

Vokalisasi

Angka

Aksara Sunda Kuna henteu ngawengku angka-angka. Kukituna angka-angka ngahaja dicipta dina aksara Sunda Baku.

Angka

Tanda Baca

Pikeun pamakéan kiwari, tanda baca anu dipaké dina aksara Sunda Baku nyaéta sarupi sareng anu aya dina aksara Latin (Eropa), saperti:

  • . (titik)
  • , (koma)
  • ? (pananya)
  • ! (panyeluk)
  • "
  • '

jeung sajabana.

  1. Undang A.Darsa, "Aksara Sunda Kaganga", kaca xvii
  2. A. Sobana Hardjasaputra, Tedi Permadi, Undang A. Darsa, Edi S. Ekadjati, "Rancangan Pembakuan Aksara Sunda". Bandung, 1998
  3. disebut ogé (1) konsonan, (2) wianjana, dina Aks